TILAM SONO - Kumpulan Lirik Lagu, Video Clip, MP3, DLL
Headlines News :
Home » » TILAM SONO

TILAM SONO

Written By GM-25 on Selasa, 04 September 2012 | 00.55

Ieu lagu tilam sono
Asih kadua kalina
ngancik dina sanubari
endah patarema rasa

kapungkur abdi ngalih
ayeuna tos ngalih deui
Kapungkur urang patebih
ayeuna patepang deui

alok :
haturan bagea sumping
tos lami di anti-anti
Kiwarimah eneng patepang deui
tawis asih tilam sono


Ieu lagu tilam sono
Asih kadua kalina
ngancik dina sanubari
endah patarema rasa

mun bonteng nande parahu
hayam dikurungan bae
sihoreng mungguhing nafsu
hayang teh ngariung bae

alok :
nu lawas na angen-angen
katineung dina galindeng
kiwari tos ngancik deui
muga ulah pisah deui

Ieu lagu tilam sono
Asih kadua kalina
ngancik dina sanubari
endah patarema rasa

kamari katuncar hideung
ayeuna katapang deui
kamari paturay tineung
ayeuna patepang deui

alok :
nyanggakeun tilam kasono
sono kadua kalina
mugi ulah rek pisah deui
sok tetep raket ngahiji

Ieu lagu tilam sono
Asih kadua kalina
ngancik dina sanubari
endah patarema rasa

kasawang eukeur paanggang
sepi lamun patebih lami
kamelang hoyong patepang 
sok sieun paturay deui
Share this article :

0 komentar:

Speak up your mind

Tell us what you're thinking... !

 
Support : Creating Website | Johny Template | Mas Template
Copyright © 2011. Kumpulan Lirik Lagu, Video Clip, MP3, DLL - All Rights Reserved
Template Created by Creating Website Published by Mas Template
Proudly powered by Blogger